Jelema nyatana geus leuwih ti sato, tapi sok ngarasa paling bener. Urang geus pageuh ngaco, tapi sok ngarasa paling pinter, paling cageur…
Jelema nyatana masih sombong ku elmu. Camerong ku jahil jeung nipu. Agul ku jabatan. Agul ku kaayaan.
Carpon Badru Tamam Mifka
Geus rumah tangga mah, gawé téh kudu getol. Keur léléngohan onaman, nyiar duit téh bisa lungla-lenglé kénéh, bangun nu nyalsé. Dalah geus kawin mah, isuk-isuk gé geus dititah mangkat ku pamajikan. Pajar téh rejeki kaburu dikoréh hayam. Tong mumul, tong kedul pokna téh, bisi éléh ajul. Matuh pamajikan mah, mun geus nyindir ku hayam, teu weléh dituluykeun ku ngagul-ngagul Pa Dadang nu isuk-isuk kénéh geus mangkat nyiar duit. Sakapeung mah sok timburu, panas haté mun pareng didagor-dagor jeung kaayaan Kang Dadang. Padahal Kang Dadang mah gawé ngantor di penerbitan, kuring tukang ojég. Béda saeutik meureun.
Anaking…
Bismillah ngayuga lampah, Anaking
Balukar jangar neunggar kahayang
Balukar sasar medar rumingkang
Sing jembar sabar
Tong jadi hambar ihtiar…
Carpon Badru Tamam Mifka
Meusmeus regot, meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK.
Leuwih parna, pamajikan pundung, kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu ceceg gawè.
Carpon Badru Tamam Mifka
[hiji:
Saumur hirup kuring can manggihan aya jelema mènta hampura ka calana sorangan. Sok wè pikir, sabaraha kali urang kabèh hitut makè calana, boh di warteg, di mobil atawa luhureun kasur; pèdah we teu bèja-bèja. Lamun di bèja-bèja gè cenah moal abus tivi, moal ujug-ujug beunghar. Logis ogè sih, tapi rada sinis.
Bèda deui jeung si Abud, sobat kuring baheula di SD. Keur diajar ogè manèhna mah sok bèbèja lamun hitut tèh ka guruna. Sok ngacung. Barudak di kelasna sok langsung nyurakan. Guru Pepekaen ngambek bari ngagebrag mèja lantaran ngarasa ngajarna kaganggu. Jep barudak jempè kawas gaang katincak.
“Naha manèh sok hitut di kelas?” guruna nanya bari kekerot.
“Ah, Pak, barudak gè sok hitut. Pèdah wè tara ngacung, tara bèbèja. Lumrah wè atuh hitut mah, Pak, da teu ngarusak lapisan ozon, teu nambah pemanasan global.
Carpon Badru Tamam Mifka
Mang Nana susumpahan, manèhna sataun sakali dahar daging. Sapopoè mah cenah deungeun sangu tèh saukur tahu jeung asin peda, èta gè sok dioloan kènèh ku pamajikanna. Lamun pareng euweuh nanaon, sok murulukan sangu ku uyah atawa kècap. Kabutuhan sapopoè ayeuna mah mahal, kabèh naraèk hargana. Bororaah dahar daging, meuli bèas gè kacida rungsingna.
Tapi cenah batur mah teu nyahoeun kaayaan manèhna, teu paduli, komo deui pamarèntah nu sapopoè diogo ku kaayaan sarwa ngenah mah, tangtuna hèsè ngarasakeun yèn dihandap loba rahayat nu masih balangsak hirupna, jiga manèhna.
Carpon Badru Tamam Mifka
Kuring nempo panon poé luhureun sirah. Panasna kabina-bina ria. Poé ieu mah sinarieun, awak kuring ngésang pisan. Kuring asa keur jalan-jalan di Arab waé. Lamun geus kitu, kuring mah sok buru-buru lumpat ka jero masigit. Béda karasana awak téh lamun geus di jero masigit mah, tiis karasana, asa mandi di pancuran gigireun sawah di palemburan.
Isuk-isuk geus shubuh tadi kuring tuturubun kaluar ti imah jiga rék nyaba. Mapay galeungan sawah, rék ka jalan gédé. Méméh naék angkot, kuring néang heula tukang dagang sangu konéng, teu jauh ti jalan, rék mumuluk heula. Geus sababaraha bulan ieu, kuring pokona asa gaya, mawa tas hideung, maké sapatu, kaméja (urut lebaran) jeung ngajinjing map warna biru. Meureun batur nyangka kuring téh rék ngajar, nyangka kuring rék ngadosénan, padahal geus tilu bulan leuwih lilana kuring néang gawé, culak-cileuk, indit kaditu-kadieu. Tapi can aya nu nyangked waé pagawéan téh.
Jigana baheula, bakating bosen bakakak, Sumanto dahar daging jelema. Manehna mangsa sasama, teu era-era. Balaga pisan daharna atah-atah. Tapi aya beja ti belah wetan manehna kitu kusabab balangsak. Aya deui ti belah kaler, nu nyangka manehna rada gelo. Beda deui ti belah kidul, Sumanto ceunah kitu teh kusabab mulut buaya. Ceuk belah kulon mah ceunah kusabab Sumanto teh teu boga agama, jadi dahar jelema.
read more…
Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili
Najan gumulung digelung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surti
hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu…
Sumedang, Februari 2007
Clik clak clik clak
cikikik cakakak
Nu nyiksik nu nyaksrak
Teu nampik mung namprak
Nu centik nu ngajak
Ngarenghik nulak taktak
Clik clak clik clak
cikikik cakakak
Niliktik nalaktak
Nu calik nu nangkarak
Nu malik nu murak awak
Nu gigisik nu ngagalaksak
Clik clak clik clak
Nu balik nu pasiksak
Februari 2007




