BANCET
Kuring jeung lanceuk keur leutik hobi neang bancet di sawah. Lain keur di dahar atawa dijieun keur anting, tapi ditewak keur disuntik. Jadi inget, mun pareng ulin ka rumah sakit, sok ngahaja kokoreh tong sampah. Maksud teh lain rek neang sireum atawa cangkang aqua, tapi neang jarum suntik urut dokter. Geus manggih mah dibawa ka imah, tuluy ulin ka sawah newakan bancet. Geus katewak mah, bancet tuluy ditangkarakeun. Jiga dokter, suntikan nu geus dieusian cai teh ditojoskeun kana awak bancet. Puguh atuh pelendung awak bancet ngagendutan jiga nu katarajang obesitas. Geus melendung mah dilepaskeun deui. Atuh ukey-ukeyan bancet teu bisa lumpat da sirik beurateun ku cai. Ari nempo bancet ukey-ukeyan teh kuring jeung lanceuk mah akey-akeyan atoh nempona. Lain ukur hiji bancet nu disuntik teh, tapi loba.
Nya kitu tea, meureun bancet mah hayang diet, ieu mah kalahka digendutan nepika teu bisa usik-usik acan. Ayeuna mah watir mun sok inget bancet sangsara ku kalakuan kuring jeung lanceuk kuring harita. Ari mun giliran kuring jeung lanceuk disuntik ku dokter di puskesmas mah leweh nu aya. Karasa ayeuna mah, kalakuan keur leutik mah sok tara make pikiran nu alus. Puguh atuh bancet teh hayang hirup ngenah, dalah ieu mah kalahka dirogahala. Najan sato apan dirogahala jeung dinyenyeri mah jadi dosa. Ceuk ustad mah, meuncit hayam ge kudu ku peso seukeut, meh gancang paeh. Mun peso mintul mah watir ka hayam cenah. Dosa oge mun maehan sato teu puguh-puguh. Misalna aya monyet keur diuk dibedil, bari cadu di dahar, pan dosa. Tapi kiwari mah loba jelema nu ngaku nyakola tapi masih wani ngarogahala ka sato, nyiksa sato bari saukur hobi hungkul lain keur dahar. Puguh kuring jeung lanceuk mah behula masih bolon can ngarti keneh prikesatoan.
Jelema kiwari mah lain hungkul wani nyiksa sato, tapi nyiksa jelema ge wani lin? Teu seubeuh nyiksa teh, maehan deuih. Apan geus leuwih ti sato. Eta we jelema mah wani maehan dulur, maehan budak atawa miceun orok. Sato ge teu kitu-kitu teuing. Yakin kuring mah Saumur hirupna jelema kitu mah moal bagja. Bakal sangsara lahir-batin. Atuh naon ngeunahna maehan dulur sorangan, nyiksa sasama jelema nya. Naon ngeunahna hirup boga musuh. Naon ngeunahna hirup mamanggul dosa lantaran dolim ka sasama. Kuring mah sok teu kuat nempo getih ge, sok hayang utah. Nempo hayam atawa domba dipencit ge sok muringkak bulu punduk. Komo pas babaturan nyetel video kajadian nyata jelema dipencit nepika buntung mah, meni hayang pingsan. Nu heran mah kumaha eta rarasaan nu meuncitna?
Leuheung keneh mun lalajo nu maehan dina filem mah, da bobohongan. Na eta nempo beuheung dibuntungan dina video babaturan meni inget wae. Mun pareng dahar mah sok teu napsu. Tapi diajak ka rumah makan Padang mah segut deui dahar teh. Beu, jelema nu boga hate jeung akal teh gening wani keneh maehan sasama. Komo kacida jelema ngadahar daging jelema deui mah. Ah, kuring mah cukup ngarogahala bancet we baheula, tong deui-deui, komo ngrogahala jelema mah. Sanajan cakcak ge tong wani-wani dirogahala atawa dipaehan, komo kabogoh mah. Ayeuna mah karasa hanjakal baheula nyiksa bancet. Tobat, Gusti. Mun panggih deui mah rek ngahaja menta hampura. Ayeuna mah kuring kudu nyaah ka sato teh, komo bancet mah. Mun The Changcuters mah boga lagu nu judulna “ I Love U, Bibeh”, kuring mah rek nyieun lagu nu judulna “I Love U, Bancet”…
25 Juni 2008





Leuh…deudeuh teuing jabang bancet…
Sae kang Carita teh…sim kuring bari gumujeng nyarira..ngaos ieu carpon hatur nuhun…sim kuring hoyong di ajar bahasa sunda anu leres….manawi sim kuring ngiring ulu biung di ieu wewengkon…hatur nuhun kasadayana sim kuring nampi pisan saran sareng kiritikna kanggo nyampurnakeun pangabisa sim kuring dina nyarios sareng nyerat nganggo bahasa sunda…