JUNGJUNAN (1)

2008 Januari 28
tags:
by Badru Tamam Mifka

Bongan urang tepung, Jungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…

Bongan anjeun imut, Jungjunan
salawasna nyangreud haleuang implengan
nyangkaruk dina kongkolak panineungan
mung gudawang rasa hariwang
tur tagiwur ku kapaur
inggis imut anjeun lantis ku girimis
Guligah jeung lampah
piligenti niti wanci
Ririh ati neuteuli nganti asih
geumpeur wakca, Panutan,
geumpeur balaka…

Bongan anjeun neuteup, Jungjunan
kasawang bentang tingkariceup
kacipta paheut duaan eunteup
Duh sagara Cinta, galura rasa
wening hariringna ngalempengkeun
lungkawing cimata
Niat ngumbara ngumbah jomantara tunggara
najan wirahma kalangkang anjeun
celak laklak ngajauhan
mung tetep karasa deukeut, Panutan,
karasa haneut…

Janari di Sumedang
28 Januari 2008

3 Tanggapan leave one →

Lacak Balik & Ping Balik

  1. Nyiar Duit « Club Facebookna Oerang Soenda
  2. Parebut Tuti « Club Facebookna Oerang Soenda
  3. Jungjunan « Club Facebookna Oerang Soenda

Tinggalkan Balasan

Note: Anda dapat menggunakan XHTML dasar di komentar Anda. Alamat surel Anda tidak akan pernah dipublikasikan.

Berlangganan umpan komentar ini melalui RSS