REK IRAHA?

2008 Januari 18
by Badru Tamam Mifka

Jelema nyatana geus leuwih ti sato, tapi sok ngarasa paling bener. Urang geus pageuh ngaco, tapi sok ngarasa paling pinter, paling cageur…

Jelema nyatana masih sombong ku elmu. Camerong ku jahil jeung nipu. Agul ku jabatan. Agul ku kaayaan.

Jelema geus loba doraka ku kahayang. Loba cilaka ku polah curang. Loba jelema geus silih tincak pada sasama. silih tipu, silih hina, silih bantingkeun…

Na atuh iraha urang rek bener-bener nyaah ka sasama? Rek iraha urang serius jadi jelema?

Satu Tanggapan leave one →
  1. 2008 Januari 30

    Etamah kedah dikawitan tina kasadaran pribadina diri masing2 kang, teu tiasa dipaksa2 ^-^

Tinggalkan Balasan

Note: You can use basic XHTML in your comments. Your email address will never be published.

Berlangganan umpan komentar ini melalui RSS