Zaman kiwari mah neangan duit teh hese kacida. Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan sapopoe ge geus mahal tur mahiwal. Putat-petot aprak-aprakan sapoe jeput nyiar napkah, hasilna mah sakali beak sapoe ge. Kabeh jalma geus lieur ku duit. Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa kerenna mah dilema. Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut.
Baca entri selengkapnya »
NYIAR DUIT
Juli 26, 2008 pada 8:44 am (Carpon)
Tags: Carpon, duit
DOSEN JEUNG MAHASISWA
Juli 25, 2008 pada 8:49 am (Murang-maring)
Tags: awewe, dosen, geulis, mahasiswa
Dosen jeung mahasiswa keur ngawangkong handapeun tangkal jambu.
“Bener nya, Pa…”
“Naon maneh ujug-ujug bener?”
“Jalma mah euweuh nu sampurna…”
“Teuing atuh. Naon kitu?”Dosen nanya bari gegetret
“Loba awewe geulis, ngan hanjakal nguraes…”
“Nguraes? Basa nanahaon eta?” Dosen hemeng
“Daek teu maneh boga awewe geulis, Pa?”
“Daek atuh!” Dosen curinghak
“Tapi lamun diragap ngabeledug.”
“Haramjadol, siah! Balon meureun!”
“Daek teu maneh boga awewe geulis?” si mahasiswa nanya deui
“Embung ah!” ceuk dosen
“Bodo siah! Aing mah hayang!” ceuk si mahasiswa bari tuluy ngaleos
“Debug siah!”
ANGIN PEUTING DI JATINANGOR
Juli 20, 2008 pada 9:08 am (Carpon)
am sabelas peuting ujug-ujug hayang ulin ka Jatinangor. Hese pisan megat mobil, puguhing geus peuting pisan. Jabaning tiris karasana, dunya keur usum angin. Tapi teu lila karasa haneut pareng nempo langit peuting, bulan buleud diriung bentang baranang. Loba nu geus robah di alam dunya, jalan, imah, tatangkalan, wangunan, tapi bulan jeung bentang mah ti baheula ge masih endah. Zaman geus gancang robah, tapi langit tetep anteng. Ti peuting mah, jalan tiiseun, dunya jempling…
BANCET
Juli 4, 2008 pada 10:10 pm (Murang-maring)
Kuring jeung lanceuk keur leutik hobi neang bancet di sawah. Lain keur di dahar atawa dijieun keur anting, tapi ditewak keur disuntik. Jadi inget, mun pareng ulin ka rumah sakit, sok ngahaja kokoreh tong sampah. Maksud teh lain rek neang sireum atawa cangkang aqua, tapi neang jarum suntik urut dokter. Geus manggih mah dibawa ka imah, tuluy ulin ka sawah newakan bancet. Geus katewak mah, bancet tuluy ditangkarakeun. Jiga dokter, suntikan nu geus dieusian cai teh ditojoskeun kana awak bancet. Puguh atuh pelendung awak bancet ngagendutan jiga nu katarajang obesitas. Geus melendung mah dilepaskeun deui. Atuh ukey-ukeyan bancet teu bisa lumpat da sirik beurateun ku cai. Ari nempo bancet ukey-ukeyan teh kuring jeung lanceuk mah akey-akeyan atoh nempona. Lain ukur hiji bancet nu disuntik teh, tapi loba.
Baca entri selengkapnya »
JUNGJUNAN (2)
Februari 15, 2008 pada 9:31 pm (Sajak)
Tags: cinta
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip langit-langit ati
nu pinuh rusiah…
Baca entri selengkapnya »
PAREBUT TUTI
Februari 15, 2008 pada 6:23 pm (Carpon)
Tags: galungan
Carpon Badru Tamam Mifka
Dano jeung Dacep rèk galungan, teu sirikna jiga nu rèk silih rebut pati. Elit politik mah di luhur silih dudut parebut korsi, dalah nu duaan malah rèk slih jenggut parebut Tuti. Enya Tuti pisan, Tuti Suryanti binti Ahmad Arjaki, èstuning wanoja geulis ting-ting nu jadi inceran ampir kabèh lalaki di lembur Cipati. Teu ukur barudak pamuda kamari, dalah aki-aki tujuh mulud gè najan teu nyirikeun teu welèh wè ulubiung milu kompetisi miharep ati Tuti.
SAUNG KATINEUNG
Februari 14, 2008 pada 6:16 pm (Carpon)
Tags: katineung
Carpon Badru Tamam Mifka
Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.
BULÉ SASAB
Februari 13, 2008 pada 6:07 pm (Carpon)
Tags: sasab
Carpon Badru Tamam Mifka
Kuring jeung Ki Memed mapay-mapay walungan ka kebon Haji Dayat, ngadon rék ménta daun sampeu keur lalab sambel. Ilaharna poé minggu, barudak sok ngajak liliwetan. Malem mingguna sok ngariung di pos ronda, maén kartu, ngabako, teu kaliwat kopi hideung jeung wayang golék dina radio. Teu robah barudak nu ngumpul téh ukur Jajang, Ocid, Asep jeung kuring. Ti kubu aki-akina mah ukur ki Astahim, Ki Memed jeung Ki Amin. Nya kitu isukna ngumpul téh dipungkas ku liliwetan di saungna sawah Mang Duyeh, bari diayun ambing ku haleuang kawih jeung suling ki Amin.
NU MANGKAT NYABA
Februari 12, 2008 pada 6:14 pm (Carpon)
Tags: nyaba
Carpon Badru Tamam Mifka
Kang Jaja rèk mangkat nyaba ka Jakarta. Mèmèh mangkat, isuk-isuk kènèh manèhna mumuluk bubur ayam. Teu poho pus-ap lima kali, sit-ap lima kali, pul-ap opat kali karasa geuning manèhna hahèhoh jeung lapareun deui. Belewek jajan buras. Ku keyeng kahayang muru dulur rèk milu dagang di kota, bèla meupeus cèlèngan bangkong nu mangbulan-bulan can di buka. Barang prèk peupeus, katèmbong sapuluh rèbu aya genep, dua puluh rèbu aya dua, lima rèbu aya tujuh, rèbuan aya tilu puluh, cucunguk paèh aya tilu, rècèh saratus logam mah horèam ngitung. Sawarèh rumasa kudu dibikeun ka indungna pikeun balanja sapopoè. Sèsana di pakè ongkos nyaba. Enya, saongkoseun gè baè cenah, da geus tepung mah jeung Mang Teten di Jakarta moal kudu hariwang.
JUNGJUNAN (1)
Januari 28, 2008 pada 4:18 am (Sajak)
Tags: Sajak
Bongan urang tepung, Jungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…




